06.57.00 - No comments

Karatagan Pahlawan

Teu honcewang, sumoreang,
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur,pantang mulang,
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai,
Lali rabi tur tenggang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Ikhlas Rido keur korban merdeka


Sinatria danalaga, bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci, berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina, asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa, gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

0 komentar:

Posting Komentar