Kagoda


Akang abdi kagoda
Abdi kabandang ku diri engkang
Akang panutan ati nu lawas ilang
Datang nembongan

*****
Akang atuh dimana
Taya wartosna batin nalangsa
Akang geura jol sumping
Abdi teu sabar lami ngantosan

Aduh engkang nu kantos tepang
Bet kapicamcam ka bayang-bayang
Tali harepan urang duaan
Sing lana manjang

Aduh engkang
Siang wengi emut bae
Mung wengi sering ka impi
Brai siang ngabarungsinan

Duh aduh engkang
Iraha rek tepang deui
Iraha rek nongol deui
Pan abdi kangen ka engkang

Engkang teh pucuk harepan
Kembang impian
Nembus kajantung katresna , Kacinta

Engkang teh pucuk harepan
Kembang impian
Nembus kajantung katresna , Kacinta

Akang abdi kagoda
Abdi kabandang ku diri engkang
Akang panutan ati nu lawas ilang
Datang nembongan

kembali ke *****

9 komentar:

Posting Komentar