Kalangkang

Mungguhing dina impénan
Geuning sakitu deudeuhna
Kanyaaah nu wening bersih
Satia jadi kakasih…

Mungguhing dina impénan
Geuning sakitu léahna
Pameunteu marahmay manis
Teu isin ..kaambung damis


Rambut panjang nu ngarumbay
Disangkéh panangan nyampay
Lalaunan raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh

Luhur pasir tepung deudeuh
Perlambang asih nu mekar
Kabagjaan nu duaan…..
nu duaan

Hanjakal ….hanjakal teuing
Endah ngan ukur kalangkang…
Harepan ……harepan …. diri
Sing nyanding jeung kanyataan

0 komentar:

Posting Komentar