Ka Bulan

Mun pareng nincak ka bulan
Hayang mawa nini aki jeung baraya
Moal rea barang bawa
Nu dibawa ngan samping eujeung kabaya

Hayu batur sarerea
Di bulan engke urang nyieun nagara
Bisi urang rumah tangga
Boga budak tong loba siga di dunya



Di bulan mah ceuk beja
Beda jeung di dunya
Hese cai ngan ukur batu
Nu jadi sagara

Mun rek mandi ngahadja
Kumpul baraya
Ceurik bareng bari nandean
Sabatok cimata

Mun pareng nincak ka bulan
Hayang ngaronjatkeun budaya sunda
Ketuk tilu, jaipongan
Moal leungit sanajan pindah ka bulan

Ka bulan, urang ka bulan
Ka bulan, urang ka bulan

0 komentar:

Posting Komentar