15.02.00 - No comments

Cinta Kahalang Sagara


Ngagalindeng heas asih Kumanteng
Ngahaleuang tembang tresna Kumanjang

Kieu rasana   Kagembang

Unggal wengi  Henteu weleh ka impi

Unggal dinten Iwal Anjeun na ati

Kieu rasana  ….Paanggang


Abdi melang mun paanggang
Abdi sedih mun patebih
Rasa sono nu estu ngancik na diri          

Gening kieu karasana
Kutan kieu balukarna
Ngalakonan cinta kahalang sagara

Najan urang paanggang
Najan urang patebih

Cinta abdi ngan ukur keur anjeun
Moal khianat, moal sulaya
Mugi cinta urang abadi salalamina

Tong salempang jungjunan
Tong hariwang panutan
Mugi cinta urang duaan manjang
Mugi cinta urang duaan manjang

0 komentar:

Posting Komentar