12.22.00 - No comments

Papatong


Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng euntreup na regang
Ngageter, jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan…


Sore menggok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang,  ngawahan arek pamitan
poma tong kajongjonan…


Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit.... indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem.... bewara baturna…


Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah kanu Kawasa…


******
Sore menggok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang,  ngawahan arek pamitan
poma tong kajongjonan…

Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit....
indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem.... bewara baturna…

Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah kanu Kawasa…

0 komentar:

Posting Komentar