11.49.00 - No comments

Halangan Diri


Na kunaon, sagala rupa
Ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha
Kandas pamaksadan

Kamudahan bet ngabalieur
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha naha kunaon

Boa boa halangan diri
Nu mangrupi dosa dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar ngumbar larangan

Boa boa halangan diri
Nu mangrupi dosa dosa
Nu ngajajar panjang
Sapanjang jalan kareta

Aduh gusti, aduh gusti kumaha
Ngentengkeunnana
Aduh gusti, aduh gusti kumaha
Ngabebaskeunna

Panon cireumbay mapay mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Hate anu meurih hate nu ngajerit
Kabeulit kudosa dosa
Biwir nu ngageter
Ngedalkeun rasa jiwa
Ampun ampun duh gusti


0 komentar:

Posting Komentar