17.05.00 - No comments

GUPAY LEMBUR


“GUPAY LEMBUR”
Cipt. Mang Koko & Nano S.


>>>>>Intro<<<<<

Gupay-gupay panineungan
Kiwari némbongan deui
Basa rék ninggalkeun lembur ieuh
Rék miang tolabul ilmi geuning
Kacipta Ema jeung Bapa
Gupay jajap pangharepan
Di Bandung muga sing jucung
Gancang mulang ka sarakan ieuh

16.39.00 - No comments

Pileuleuyan

Pileuleuyan

Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui

Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara

JALIR JANGJI


JALIR JANGJI

Teu lami sasasih deui
asih urang bakal ngahiji
teu weleh dianti-anti
bakal nyorang laki rabi

awas ulah robih deui
komo deui rek jalir jangji
estu cinta ukur hiji
nepi pati jeung dug pati