12.40.00 - No comments

Jayanti

 

Wanci burit surya rek pamit Hujan leutik ngaririncik Kingkilaban pating kolebatSisi basisir jayanti
Mangsa sarepna rek datang Dibarengan kingkilabanAngin leutik pating sariwik Sisi basisir jayanti

Jadi Inget Ka Mantan

 

Isuk isuk hudang sare lulungu keneh
Kuring indit ka dapur
Mawa gelas ninyuh kopi
Gek diuk dina korsi

Ngamparkeun udud jeung kopi
Pas kuring ngaregot kopi
Sakolebat asa ngimpi

Jadi inget ka mantan jadi inget ka mantan aduh inget ka mantan
Timana asalna ti mana mimitina ujug ujug inget mantan
Lir…cai caah na walungan
Kapikiran kabayang rarayna mantan

BANGBUNG HIDEUNG

Bambung hideung
Bara-bara teuing diri
Leuheung bari dianggo ka suka galih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareung bebendu unggal ti salira ju…ag
Awiiii teh pangajul buah
Lantaran ti kitu

Sora bedil luhur mega paripaos
Teu paya lepat saeutik
Diri abdi kagamparan

17.05.00 - No comments

GUPAY LEMBUR


“GUPAY LEMBUR”
Cipt. Mang Koko & Nano S.


>>>>>Intro<<<<<

Gupay-gupay panineungan
Kiwari némbongan deui
Basa rék ninggalkeun lembur ieuh
Rék miang tolabul ilmi geuning
Kacipta Ema jeung Bapa
Gupay jajap pangharepan
Di Bandung muga sing jucung
Gancang mulang ka sarakan ieuh

16.39.00 - No comments

Pileuleuyan

Pileuleuyan

Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui

Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara

JALIR JANGJI


JALIR JANGJI

Teu lami sasasih deui
asih urang bakal ngahiji
teu weleh dianti-anti
bakal nyorang laki rabi

awas ulah robih deui
komo deui rek jalir jangji
estu cinta ukur hiji
nepi pati jeung dug pati

11.11.00 - No comments

Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Curug Panganten


Tuh Diditu , dilebah pudunan pisan
Kuring kungsi , pada pada kedal lisan
Neundeun asih, arek silih pikahe…man
Nya didinya ligarna , cinta munggaran

Nya didinya, di Curug Panganten
Aya asih Aya jangji anu paten
Rerendengan lir anu anyar panganten
Kanyataan ieu mah , lain impian

Curug panganten, curug panganten
Di curug panganten, aya jangji anu paten
Curug panganten, curug panganten
Di curug panganten, aya jangji anu paten

Pangandaran

Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan
Dina samak salambar
Hmmm saksina bulan anu sapotong
Hmmm saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan

06.58.00 - No comments

Cing Cangkeling

Dengkleung dengdek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati di heureuyan

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapak satar buleneng

Kleung dengdek buah kopi rarang geuyan
Keun anu dewek ulah pati di heureuyan

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng

06.57.00 - No comments

Karatagan Pahlawan

Teu honcewang, sumoreang,
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur,pantang mulang,
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai,
Lali rabi tur tenggang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Ikhlas Rido keur korban merdeka

22.19.00 - 14 comments

Teu Honcewang

Teu honcewang, sumoreang,
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur,pantang mulang,
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai,
Tali bakti tur tenggang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Ikhlas Rido keur korban merdeka

22.17.00 - 10 comments

17 Agustus

17 Agustus taun opat lima
Puncakna revolusi sakti
Ngancurkeun rante penjajahan bangsa
Berjuang nanjeurkeun Indonesia merdeka

Reff : Nusa.. Waluya ... Rahayu ... Bangsa..
          Basa ... Walagri ...
          Wibawa nagri

22.14.00 - 1 comment

Sabilulungan

Sabilulungan, dasar gotong royong
Sabilulungan, sifat silih rojong
Sabilulungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong

Reff :

Tohaga... Rohaga...
Teguh tanggoh perbawa kasauyunan
Sadia ... Sajiwa..
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Karunya

Karunya nya nya aduh karunya
Hayang ngapung ngawang-ngawang teu bogah jangjang
Arek mipit bentang nunenggang nu geulis anggang ka sorang
Duh aduh karunya

Karunya nya nya aduh karunya
Kahayang hanteu kadongkang da puguh anggang
Najan hate hayang ka bulan pamohalan rek kasorang
ngan ukur kahayang