16.38.00 - 2 comments

Maripi

Gunung tanpa tutugan
Gunung galunggung kapungkur
Gunung sumedang katunja
Talaga sok wayahna
Banjir di tengah leuweung
Lahun disungkun sumoreang

* Reff
Engklak-engklakan
Maripi lucu pisan
Barudak urang
Ngariung di buruan

Engklak-engklakan
Maripi lucu pisan
Barudak urang
Ngariung di buruan


Burudul menak ti kidul
Gotongan parabot degung
Tatak Gendang Kulit Maung
Dirarawat hoe gulung

Reff

Burudul menak ti kaler
Gotongan parabot topeng
Tatak Gendang Kulit banteng
Dirarawat hoe roreng

Dadap canting dina gawir
Ngajajar pa antai-antai
Mana geuning

Awi temen awi gombong
Daunna pating arurag
Katebak ku angina bajra
Leuleus raden

Ngilicir disada henteu ting koreak
Pating koceak koreak pating koceak

Reff

Torojol menak ti kulon
Gotongan dog-dog kaliwon
Tatak gendang kulit bagong
Dirarawat hoe bolong

Reff

Burudul menak ti kidul
Gotongan parabot degung
Tatak Gendang Kulit Maung
Dirarawat hoe gulung

Reff

Burudul menak ti kaler
Gotongan parabot topeng
Tatak Gendang Kulit banteng
Dirarawat hoe roreng

Reff

2 komentar:

Gunung sumedang katunja << katunjang
Talaga sok wayahna << sokawayana
Dirarawat hoe gulung << wulung
Dadap canting dina gawir << Dadap Cangkring
Daunna pating arurag << arulang
Ngilicir disada henteu ting koreak << cihcir disada peuting


Posting Komentar